Sorot Soca nu nyarita rasa cinta
Na Atuh Kedah kamana nepikeun katineung rasa
nu walatra tirta raharja
Na atuh kedah kumaha?
sina nyanding jeung kanyataan perlambang asih nu mekar
muruhmuyna girimis kahuripan carita asmarandana
pupuhna nepi ka jaga
pupuhna nepi ka jaga
Tepis wilir nu lungkawing,
kasilir angin enjing, angin tintrim ngahariring
hariring tilam asih nu wening,
ngamekarkeun pucuk ati tilam katresna
sasalimpetan reureunceupan mulasara na ati
ngariksa diri ngariksa rasa
Manga tepung urang maheutkeun asih
haliwu ngagalindeng na kalbu nu anteng manteng geter katineungdeudeuh rangkulan pageuh geugeut deudeuh nu maneuh
kanyaah nu wening bersih satia jadi kakasih
jumajap anteng lelebna tetela
Nineng ku " NYAAH" na nu maelu diwayah raraga lungse
Nineng ku " RARAY " na nu marahmay manis disangke panangan nyampai
Nineng ku " HEUREUY " na balaka manja soanten lirih asih manis
someah encag sari-sari gahar, ngalangkang sono bati ngajadi
Nineng ku " BOHONG " na nyumputkeun katresna balinceng setra katresna wening
Nineng ku " EMBOH " na nyiak lambe kayas kagaris ipis kareueut dina kawaas,
antebna teu laas-laas
Nineng ku " AMBEK sarta MANYUN" na
nu kahibaran gumulung kaheman pamatri asih
*Mun imut surti narima cinta nguniang ikhlas
Saha nu teu bagja mun ASIH putih ka asih
Saha nu teu bingah mun PASRAH pinandung nyaah
Saha nu teu reugreug mun RAMPES kulawargana
Saha nu teu manteng mun AKAD deukeut waktuna
*Mun imut Surti NARIMA
Duh ieung...
Kamelang nyarengan dipanto lalakon
ringkang tineng ngalangkangan
minangka panyambung ka gapura cinta,
duaan raket miheman, saati ngeundeur harepan
Ngan ukur bisa kedal ucap cinta,
sorot soca balaka nu langkung karaos hegar
Siang wengi ngantosan TEUKAWAWA, ngantos kedal cinta lisan
dina waktos patepung marengan biru na langit mega nu nyangkiwung
Janten katurunan pamatri tutungkusan kalbu jantungna lemah cai
Kamana nyampai kaheman, nya ka Salira Mojang lenjang
Salira nu ngabuktikeu salira ayana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar