Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Kamis, 30 Mei 2013

GULGAH


Hiber kica kica hiber teunangan
karasa ningnang balas padalisan galecok peuting
manceran keur caangna bulan
papang sono kuniang asih
nyosok walatra mendakan bagja
Cindekna nyambat ngaran nunggeulis ngantosan
Ngareka kecap dina pirigan wengi
Ngaharewos lalaunan
kahudang ku hiliwir beja
miluyu keur sanggin ngahiji
namper jadi hiji ugeran nu sayakti
ngawirahmakeun kereteg ati sanubari
ngawelas asih nu nyungsi

Rasa guligah
Seuri gumbira
Seubeuh pamuji
ajenna manggih pinasti
kairing asih sajati
nu nganteur ti taman bihari
Tina jandela wengi
Urang silih kiceupan
Lemu paneuteup
Teuteup jeung geugeut marengan
di wengi nu pinuh kanikmatan...!

namung.... Anjeun tebih panlinggihan

Selasa, 14 Mei 2013

DI TERAS KOTA

Sisa peluh jatuh dari wajahku
menggambarkan gelisah yang terus mengalir
dalam urat nadiku

betapa keangkuhan di luar bagai kota mati
selintas bayang berkelebat
rupanya daun gugur disapu angin

sejauh pikiranku
bila penuh inspirasi
aku ingin seribu kata untuk puisi

di teras hotel aku menunggu
lembaran coretan dan kartu domino
menggantung keseimbanganku

Dititik nol prasangka
Jantung kota Jakarta kembali berdenyut
di kaki waktu yang mulai bising
aku menyimpan mimpi

Senin, 13 Mei 2013

MENDAK SAGARA

Hate keubeuk kubangbaluh
hareupan ngiang ka jomantara
lalampahan pinuh ku dodoja
rusras teu mangih tungtung...

Kumalayang dialam dunya
langit kalimpudan ku mega hideung
angin ngahiliwir nyereset kana ati
matak ngageuingkeun lelembutan diri
emut ka Gusti Hyang Widi

Batara alam nu endah mukakeun gapura sagara hirup
nu jadi lalakon hirup kumalayang dialam dunya
Geter rasa numawa balaka
nganjang kana puserna kalbu
netep nanceb nurih kana sajeroning ati
amparan kahayang ngolebat

Nyipta manisna rasa bagja
sakapeung mindah jadi cimata nungumbara
ngalengkepan rasa kuciwa
ngalangkangan nu tumiba
rambisak jomantara lara

Mendak sagara jero talaga
pinanggih pamedar manah
muncar ngajagat mega
punclotna uwung-uwung
micahya sumebar ngabuana
saluyu jeung nu di teda

Seja ngabiru sagara sareng Salira

Sabtu, 11 Mei 2013

GARIS KEHIDUPAN


Ketika aku tahu garis pembatas pagi
ketika aku tahu maknanya
ketika anganku sebanding dengan goresan garis yang tercipta
aku menulis
aku keluarkan penaku tuk mulai membuat hitam kertasku
aku tarikan jemariku tuk menjelajah kolom ini
kulihat dan kumaknai arti hitamnya kertasku
kupandang dan kuhayati arti ketikan ini

mataku melihat dan dimaknai oleh imajiku
mejadi sebuah rangkaian sebuah garis
dan garis hitam membentuk huruf,
kata,
tulisan bermakna
aku berhenti ketika mata dan hatiku menyemai otakku
pacuan jantung berdetak menela'ah tenang karenanya
menyatu dengan cahaya terang imajinasi yang santai
rangkaian-rangkaian menjadi memiliki arti
meluruskan pandangan dan hati
remang dan terang tampak dimata
dan ketika aku mulai tak bisa menulis
saat jemariku berhenti menari
aku terdiam, aku menangis... hatiku membisik;
"Betapa hari ini aku bersyukur
masih diberikan kuasa dengan segala rasa
yang tertuang dan bisa menyapa segalanya
semuanya
dengan ucapan
" SELAMAT PAGI SAHABAT...
SELAMAT PAGI CINTA..."
Semoga kita selalu diberikan Kesehatan dan Kedamaian dalam memaknai dan menikmati Hidup dalam Kehidupan!

SYAIR SENJATAKU

Memandang rembulan dari satu sisi
Memandang wajahmu dari segenap jurusan
Aku melihat waktu melaju 
Aku merindui wajahmu
Senjata telah hilang di sirnakan kata-kata
Aku muak dikala senjata tak lagi bicara

Suatu malam aku mandi di lautan
Di hias bunga ajaib bertebaran di langit
Suara malam adalah suara kesepian
Aku inginkan kamu

Bila setiap kata adalah terjemahan dari senjata yang ku pegang
Dan lalu muncul wajahmu
Kamu menjadi makna
Makna menjadi harapan
Harapan karena aku akan membelai rambutmu
Harapan karena aku akan tetap berpuisi
Harapan karena aku akan melakukan sesuatu
Aku terkenang kepada apa yang telah terjadi

Aku bertualang di dalam udara yang berdebu
Aku bernyanyi menikmati hidup yang kelabu
mencintai kamu adalah bahagia dan sedih
Bahagia karena mempunyai kamu di dalam kalbuku
Ketegangan menjadi pupuk cinta kita

Tetapi bukankah kehidupan sendiri adalah bahagia dan sedih?
Bahagia karena nafas mengalir dan jantung berdetak
Sedih karena fikiran diliputi bayang-bayang
Adapun harapan adalah penghayatan akan ketegangan
dn Senjataku tetap ada dipangkuan
Menjabarkan apa yang kurasakan
Sebab kata-kata hanyalah rekaan
Sedangkan..
Senjata adalah wujud dari ketegasan,
keberanian,
keperkasaan,
dan
Kejujuran.
begitulah senjataku yang pada akhirnya adalah wujud dari kelembutan rasa dan jiwaku

~sabetan senjata-ku adalah ungkapan rasa yang ada

Kamis, 09 Mei 2013

RINDAT WANCI


Sajungna wanci ninggalkeun peuting
ngagilincing nagtawing ngalangkang gurat kanyaah
ngolewang di gawir balebat
ngaringkang ci ibun enjing
teu kadongkang ngantun wayah
teu katahan mapag tigin rebun isuk

Dina rekana teu sagawayah
Nyerelek mungkas wates mupuh halimun
Midang tandang ngarah beurang
Ngalongkewang ngalampah sorangan
Paripolah nu merenah
Ngajemplangkeun pancen nu guligah

Nyangkrung ati sanubari
Nyidik-nyidik ngolebatna wanci
Nyungklang manah dina tali pasini
Kapentang ku rindatna wanci
Balebat nu jadi saksi
Ngendatkeun ngalangkangna mega
Nutugan kotretna rasa
Rasa Cinta nu kapegat mangsa




Rabu, 08 Mei 2013

CARITA NU MAWA BAGJA

"Lalampahan Dinten rebo, 7 Mei 2013
"
Isuk-Isuk geus ngorejat hudang, Pas nyeleketkeun panto jandela singhoreng teh geus Beurang...., Cahya Panon poe ngalentab kana Puseurna Soca.
Maksad tadinamah rek isuk-isuk keneh ka Padepokan Pencak Silat Indonesia di Taman Mini Indonesia, sono weh ka wahana jukut nu hejo ngemplok sabundeureun Padepokan di Taman Mini teh, bari ngabeberah panon ningalian asesoris-asesoris olahraga kaluaran anyar, bari rek meser Saragam Silat ( Pangsi) keur barudak Silat nu nembean lebet ka Paguron.
Gebrus mandi bari kakawihan, nikmat karasana cai nu ngaguyur kana sararaga. rengse mandi gulak gilek sakedapan payunen eunteng bari nyisir bu'uk teras di bengker ku Iket. "Deuh kasep kieu gening Aing teh" hehe... jero hate ngagerentes bari tulak cangkeng merhatikin waruga diri nu di pangsi jangkep jeung Iketna, jaba katenjo gurat biru luhur lambe jeung ngaagembatna biru gado balas dua poe kamari jenggot di kerok.
Turun ti loteng langsung weh nyuruput cikopi, kaleresan pun alo nuju libur sakola, janten aya di bumi. bul bul bul weh meuni kunikmat katambihan udud kelepus Sampurna Mild tea bari panon nyalasar ningalian tarumpah ajaib nu satia jadi tilam dampal kamana wae iinditan.
Sanggeus cikopi mungkas nepikana hampasna, udud nyunglang kasedot nepikana busahna. bari nyamber iteuk kuring ngalengkah kaluar imah, ngajugjug wahana pangbengberah manah di Padepokan Pencak Silat Indonesia.

Megat Angkot ojeg ku lami, Angkot ku pinuh wae, aya mobil taxi nyeleber lalaunan nya geus weh di tunjuk langsung ngahiuk eureun " sakti amat ieu curuk Aing" jero hate ngagerendeng.
Di pertengahan Tol Hape sasada, diangkat teh rerencangan ti salah sahiji paguron pencak silat Perisai Diri ngajakan ka Cibubur ka Ruko anjeuna nu nembe rengse di renofasi..., duh ngadadak pisan geuning. tapi nya anger kedah ditedunan da kapungkur tos kadung jangji rek ngagarap hiji usaha babarengan pami Kantor eta rengse dirapihan. janten rek presentasi ceuk basa yunani-na mah. da konsep tos ngajelegedeg ti taun kamari keneh. bari ngajakan ka Gedung Kementrian Olahraga di sabrangeun Cibubur Jungtion, anjeuna nawaran kuring supaos muka cabang latian di gedung eta, da anjeuna wanoh sareng pengelola gedungna.
Hiap weh antukna mah ka Cibubur.

Wang weng wong wang weng wong pancakaki bari diselingan ngahuap kulub hui jeung kueh dadar gulung, Pancakaki ngaler ngidul nepika manggih lengkah lanjutan, teu karasa nepika wanci Sariyak Layung. dituluykeun ka Gedung Olahraga Kementrian RI nu di Cibubur-Jakarta Timur. antukna beres koordinasi jeung pihak pengelola nu kaleresan masih aya di kantorna nepika tabuh 7wengi.

Rencana ka Padepokan Taman Mini bari rek nyawang sugan pinanggih inspirasi, janten ilang, namung nya anger kedah kaditu da aya janji jeung pihak Koperasi Padepokan rek nyandak/Meser baju pangsi latian silat.
Jius deuih si taxi nyadak waruga ngajugjug ka eta patempatan. nepi kanu dituju kabeneran rame keneh nu keur latihan salah sahiji Paguron Pencak Silat nu gaduh jadwal latihan dinten tadi, Sangeus Ngobrol ngaler ngidul sakedapan jeung pengelola koperasi Padepokan nu someah ( nyuguhan enjus buah soalna ), teras weh ngagembol Baju pangsi 10 stel, tuluy nangkring weh sakedapan bari tumpang kaki ningalikeun barudak alit nu keur latihan silat, ramo nyapit udud nu kedeung keudeung di sedot bari ngarasakeun hiliwir angin tipeuting.

Wanci geus nunjukeun tabuh 9 wengi, "ah tos cekap dinten ieumah lalampahan" pikir jero hate.

Awak asa geus lungse, hoream naek beus Mayasari nu biasana jam sakitumah nyecek ku penumpang katut copetna, jasa si Blue Bird jadi sasaran deui wae ngajius deui ngabelesat mawa waruga muru ka bekasi Timur, pas kaluar Tol timur kaemut didinya aya warung kopi langganan, lungsur weh ahirnamah, tos saminggon teu ngarasanan ngeunahna bubur kacang hejo buatan nonoman-nonoman Sunda nu di warung kopi eta ( 5 nonoman Nonoman Sunda usaha Warung Kopi nu kakoncara rame pengunjungna meja pengunjungna oge nepika panjang jeung loba, di pas Gerbang Tol Timur, kabeneran kuringmah sok taulah mayar, "haha......" da tadina unggal nyimpang ka Warung eta nonoman eta sok menta Iket nu meungkeut dina mastaka jeung sok di yeuh keun weh, da reueus ku hoyong make Iketna oge).

Karakge hol dina panto, nu saurang mah langsung ngaheheh bari nyeletuk " Kopi Hideung nya Kang", " Rampes" waler Kuring "
gek diuk, teu lila kopi norojol dianteurkeun, teu kungsi sasalaman ka akbehan da keur saribuk ngalayanan pangunjung nu liana, sasalaman teh mun pas nuju ngalangkung ka lebah kuring, namung cohag obrolan mah anger najan pajauhan bari maranehanana ngalayanan pangunjung nu maresen sagala endah, Pesen Bubur kacang Hejo weh make keta eutik kuring mah. Nikmaaaat...!

Ningali Kuring mawa dua gembolan bungkusan nu hiji nyeletuk naros" nya Pangsi waler kuring"
"Ciba ah hayang Pangs sabaraha duit ieu" euleuh etamah maen beset wae Pangsi dina gembolan teh di buka, Kleresan Dinten Minngu isuk rek balik ka Kuningan, jadi jeung kuring weh ieu Pangsi"
"sakian" waler kuring
euleuh Geuning murah nya bagus ieumah bahana.
Atu meureun weh bagus da ieumah Saragam Silat Kelas IPSI " jero hate ngawaler"

" nya atuh dibayar ku kuring nya, didieu aya Limaan nya kabeh jeung Kuring, saparona rek dibawa kalembur"
"duh punten kuringmah teu dagang Pangsi, ieumah keur barudak silat weh nu can boga saragam pangsi, jaba ieumah aya Bet IPSI ( Ikatan Pencak Silat Indoinesia)"
" ah teunanaon ke bisa di Buka" etamah ku keukeuh Reza teh bari ngaleos da bari sibuk tea di warung.
nyaho horeng teh gunem catur jeung babaturanana aya Kuring mawa baju Pangsi Loba. atu nu ngaliwat ka Lebah kuring langsung nyamber hiji-hiji bari ngilikan diukur-ukur kana awakna.
"Meuni asa beureum beungeut disangka batur mah boa Aing teh Tukang Kiridit kapeutingan, hadooo.....h " Siamah dak Aing ke disangka Tukang Kiridit kapeutingan ieu kunu aya di dieu" ceuk kuring nu malah di waler ngahahah ku bararudak teh.

Geus alesan ieu itu anger maranehanana teh keukeuh hayang kana Pangsi, da iketna mah geus boga cenahna teh da geus kabagean hiji ewang malah leuwih balas nyamber ikeut nu dipake kuring mun nyimpang kadinya.
Halah iyeung... keukeuh pisan
Aeh enyaan rupana, bari jeung sibuk nglayanan pangunjung nu mayar jeung nu mesen, etamah barudak malah ngumpulkeun duit sakabehanana katingal ti kajauhan di tempat kuring ngopi udud nyaender bari SMS-an jeung ( Titik titik ).

Teu Bisa ngomong ku kalakuan barudak nu nembrakeun duit dina meja, " dina pikiran kuring Tekor ku Ongkos Taxi atuh ieumah Aing teh" tapi ras emut kana Pancen. nya kieu meureun jalana Ngahudang Rasa Urang Sunda Mulang deui kana Jati Diri Raksukanana.
"Gusti Nu Maha Uninga, katampi Pisan Pangaping jeung Pangjaring ti Karuhun Abdi, Nuhun mangrebu Nuhun kalayan Kabingahan, katampi Kadeudeuh jeung kanyaahna kalayan Sugema diri Abdi kana Katarimana ku baraya nu kahudang rasa, katarimana ieu Bewara Jati nu ngancik dina ati Sanubari, nu ngarambag dina Rasa Kaula"

Gerentes Hate Kuring bari teu karaos damis kapuragan cakclak cisoca.
"Kumaha Kang janten nya" kageuing lamunan Kuring ku ucap jalmi payunen nu gadung wasta "Reza" bari kawas nu heran ningali kuring kumeneng.
"Nya atuh mangga" Waler kuring teu loba carita deui.
Aduh Biyung eta Reza jeung rengrenganana Atohna di tunjukeun ku Keom nu beda, Bagjana karasa nepi jero dada kula
Nuhun Gusti Nu Maha Kawasa. Bagea bagea Bagea ...

Sakapeung Kuring Butuh Nyarita, namung ka Saha Nyarita?!?di jakarta pusat Iboketa Nagara asa taya dulur Baraya nu sami mawa Rasa nu kacarita kawas dina tulisan nu aya. atawa kamana benten wahana. duka ah duka ieu ngan saukur nyerat basa.
Hirup asa Sorangan ngabaladah di satengahing Marga mawa Rasa nu nyandingna Kahanyang nu Tumiba.
Nya Kamana nu sami micinta...!!!
Antukna dina Blogg ieu jadi enggon kuring Ngawakca balaka nu kalakon jeung nu karasa.
Hapunten nu di suhun, Hampura nu disangga, taya maksad nu lian, ieu ngan saukur cumarita.

_/\_ Rahayu Salawasna Urang Sunda sa-DAYA-na