Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Kamis, 28 Maret 2019

Nalangsa NU teudeuk ilang

Kinanti ampih ampih ayun
ayuna ayun kusamping
Ngalagena diwanci jempling

Pupuhna Pupuh janari
Ci ibun mulai ngusapan damis
neuteup Kanu anggang
Nembus mega ngawag ngawang
Nu mulang Kanu murbeng alam
Nyingraykeun halimun di pucuk pucuk gunung
kalangkang basisir ngampar
Ngagaris ngawatesan
Gumulung lalaunan
Dijero kanalangsaan
Cimata mirigan Maseuhan dampal panangan

Nilik-nilik nu keur mamanis
Salendangna ka umpay cai
Nyorangan nganti nganti
Kasedih ati teudeuk indit
imutna ngagupayan
Kulan ceuk manah nyauran

Duh Gusti.....!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar