SERAT ADINDA
Gusti,
Ingkeun ieu kalbu sina ngalagu
ngawihkeun kangen ka Anjeun
Tiap renghap sadami-sadami
dihejah asma Anjeun hiji-hiji
Ya Rohman, Ya Ani Rohimah
Ya Basyir, Ya Hakim
Ya Wahid, Ya Majid
Ya syahid, Ya Rosyid
Dina Angin di Pucuk-pucuk daun
Kakuping lirih galindeng dawuh
Abdi tanggah neuteup pamenteu gaib
Dina ramat cahaya burit
Ya Gofar, Ya Qohhar
Ya Jalil, Ya Karim
Ya Zahir, Ya Batin
Ya Awwal, Ya Ahir
Dina kangen abdi sumujud
Jero kangen abdi nyaluuh
Bari ngedeng bari diuk
Biwir ngunyem panon kucup.
_______________________
WALERAN KAULA Nun
Sora Rasa nu Mawa Beja
Nepina Ati nu ngadangding
ngahaleuangkeun kungkungan kasono
rumpakana ngagungkeun di satiap kecap puji Gusti
Gusti nu ngagaduhan ka Asih
Gusti nu Ngabogaan kanyaa'ah
Gusti nu kawasa sagala pangawasa
Gusti nu nunggal
Gusti nu Maha Ngersakeun
Timbalan sayagi pancena pangeusi Alam
miriggan sanggemna ngadugikeun dangding rasa
katebak leuleuyna angin
nyelesep kana jandela hyang
galecokna katampi sanaos gaib
Dina Angin di Pucuk-pucuk daun
kabandangna karaos sanaos anggang
sariyak layung meunteukeun teuteup nu geulis
Nu wiwit nu Pamungkas nu Manunggal
ngersakeun ngahijina Rasa nu katembag Asmaragama
Nu nyu'uh ku sora Bathin
Galindengna tina ati sanubari
Munajat ku rasa nu Ngagalura
soca sumerep meuhmeuy ku paneda tepang
Karaos sono Ngumbar rumpaka rasa
nyipta basa Cinta Salira
Kabeja di bawa ku Sora Semesta