Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Selasa, 05 November 2013

NGAHANJUANG BODAS

Tingtrim Ati ngagalincing di lungkawing diri, 
Meuntas sasak nyawa reujeung rasa,
saksrakan nu kamari pinanggih wening,
kiwari pendak dodoja,
duh..... gamparan rasa cangcaya,

Rempeg nyangsaya nu kapentang asmara,
kasongsoleya ngaruntuy ka diri Sungkawa,
nu keur naratas niti Nata Kusuma
Wakca balaka muntangkeun hemanna dalingding manahna rasa,
kalayan daria.... taraje hate sungkem neda hampura,

sinjang kebat ngait di lamping curugan,
solendang ngayun kaheman,
dangdaunan maluguran,
oyag-oyagan katebak angin nu mirigan,
Katingtriman sangkan mulang kasorang
rehna layeutna Asih enya silih asih saestu,

Tingtrim di lungkawing lalamping,
curugan cai nganteur kawening,
nyuSUL rampes mieLING mamanis,
Sampurasun dawuh timalan kulan,
sangkan waleran "kah"-na salira nyarengan,
Kapercantenan Asih nu nyanding ngadangding dina rasa urang duaan,
Rahayu gamparan....! _/\_

1 komentar: