Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Senin, 04 November 2013

ISTIQOMAHNA SALIRA UGERAN JATI-NA CINTA

Rumingkangna kalangkang
asa ngolebat,
rumenghapna katangen na poe nu simpe
duh ,tresna teh endah
nu diwincik ku iman jeung kaheman

Sanggeus midangdam katugenah
balebat ngincid ka landeuh,
aya hariring jempling katineung
ngageuing diri pinasti patelak jeung harti
Akang surti cicingna salira nyucikeun asih nu saestu sa-jati

Lian ti saniskara tandanu ngahurup
dina raca tapak ciri sabot lampah
remen teu kebat ku mangloh
Asih anjeun kapegat ku istiqomah

wiujeung wengi, ceuk mangpirang kotretan
Wilujeng siang, ceuk mangpirang seratan
ka salira dina satiap emutan
mangsina lir getih nu sumarambah
tina tatu kana urat-urat saban wayah
gurat tresna kakasih kapirig ku istiqomah

didieu, teu weleh aya katineung
pikeun ngalinjing males kakangen
melak ungkara nahan kasono ka salira
nu tigin kana istiqomahna rasa

wilujeung wengi, ceuk harewos
Wilujeng siang, ceuk gerentes
tina kalender nu angkana maluguran
kana kakosong nu saules
jeung geter nu remen jadi angkeuhan
Salira mendak sagara kaimanan
rehna urang teu meunang papacangan
sateuacana urang rimbitan


moal jalir jangji tina ucap nu kantos ka kedal
sayaktosna akang pinasti datang
nyumpingan salira mundut ka kasepuhan
ngawaris nyampurnakeun kaimanan

cikaracak tina juru mata poe
ninggang batu dina lungkawingna hate
laun-laun jadi helok, miring nu sakapeung nalek
Deuh, sukma nu ngamangandeuh
Na landeuheun lilinduh jalan satapak
Nu ditaratas karuhun
sumuhun akang pinasti sapun sampurasun
ka bumi salira nu nganti urang nanjak ka bale nyungcung

Namung tong nabeuh bangbaluh
Saban reureuh lengkah keuna ku pitapak
Balas meungpeun ku paralun
Sanes akang taya pangajen
Namung galih kasono teu weuleh nyangkrung


Sanggeus sakabehna kedal
ukur simpe nu demit
seseleket dina kesetan piul
lir wawakil hiji sora
nu leungit tina wirahma
pamundut akang anger kawas biasa
Patarema rasa ngawahangan wayah di unggal poena
teu ka silih ku kaistiqomahan salira
ja akang oge uninga wates-wates ugeran agama.

~mungkas seah jero dada, musabab salira kiwari robih cara nembongkeun cinta nu aya.

Aya jeung euweuh
silih bageakeun galeuh
nu langgeng ngajirim cinta
berkah ridho-Na
ja eta sami paniatan akang ti semet uninga

kalangkang daun jadi tilam tatapakan batin
nu saterusna ukur silih lelebah
timbangan wawanen reujeung guligah
Akang pinasti datang dina mangsa nu di teda ku Salira


Rahayu asih sa-jati urang manunggal jiwa salawasna
~Pamugi di kawitan taun awal ieu, 1 muharam 1435 H, bagja urang ngahiji jadi ugeran jangji nu ngabukti kersaning Illahi Robbi, sareng ka-asup golongan muslim jeung muslimah nu sholeh jeung Sholehah.
Amin ya Allah yaa Robbal Alamin.

#Selasa, 5 Nov '13 . 02.30 WIB


Tidak ada komentar:

Posting Komentar