Dina rekana teu sagawayah
Nyerelek mungkas wates mupuh halimun
Midang tandang ngarah ca'ang
Ngalongkewang ngalampah sorangan
Paripolah nu merenah
Ngajemplangkeun pancen nu guligah
Nyangkrung ati sanubari
Nyidik-nyidik ngolebatna wanci
Nyungklang manah dina tali pasini
Kapentang ku rindatna wanci
bulan jeung bentang nu jadi saksi
Ngendatkeun ngalangkangna mega
Nutugan kotretna rasa
Rasa Cinta nu kapegat anggang waruga
Nyerelek mungkas wates mupuh halimun
Midang tandang ngarah ca'ang
Ngalongkewang ngalampah sorangan
Paripolah nu merenah
Ngajemplangkeun pancen nu guligah
Nyangkrung ati sanubari
Nyidik-nyidik ngolebatna wanci
Nyungklang manah dina tali pasini
Kapentang ku rindatna wanci
bulan jeung bentang nu jadi saksi
Ngendatkeun ngalangkangna mega
Nutugan kotretna rasa
Rasa Cinta nu kapegat anggang waruga