Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Kamis, 23 Januari 2014

PAKUAN BEUKAH KEMBANG

Sukma marakayangan
rasa nu kumacacang
ngalayang neang pangeunteupan pangreureuhan

Tapi teu kaur ngaringkang
rumengkog balas teu weleh rumanjug
ras inget paniatan nu geus gilig
kiwari ngan ukur silih jugjugan lelembutan

sapuk rek nyasaak kadjayaan
teu malar janglar silih tilar

Sukma nu marakayangan
rasa nu kumacacang
bari pada-pada ngantos waktos ku sumoreang
maluruh jalan nu aya dina pangimplengan
sanaos keur nyorangna dilingkung jeleger gelap dordar
kayakinan bakal tumiba di tatapakan
ka sadaya nu miheman
mihape rusiah hate
simpen masing paringpen
na lolongkrang rasa nu pangbunina
nu arang kasorang najan ku kalangkang urang
sina jadi prasasti nu ngancik na sanubari
ngadaun lontar nu mere iber
yen dina mangsa kiwari
nu kingkilaban tea
ngaburinyay sakedapan
na endahna salawasna ngembangna kawangi
nepungkeun nu bihari diancang-ancang

pancen nu mulas dasarna hate
ku pulas kayas nepi ka sukma katambias
di basisir astana pangreureuhan

nu awis katinggal
nu te gampil dipilari
arang langka kawenehan
dina sakali nembongan
beurat taya tandingan
gelikna sora suling pias ku gelikna awak laju kidung
wirahma angin pias ku wirahma rundayan pantun
genclangna ci ibun pias ku genclangna tatamanan
endahna sariak layung pias ku endahna pakuan
Raray, sararaga kasasaak kaendahan nu kasawang

Ngagalura rasa sono teu kebat kakedal di unggal wanci ka kajayaan nu kawas mangsana datang
 — di Padepokan Padjadjaran.

Rabu, 22 Januari 2014

TEU NGUNIANG

Duka kumaha, tentrem ayem nu di pirig hiliwirna angin nebihan
Dalah dikumaha deui geningan, da kitu buktina
Nu ngiricik, arusik, nu ngawararuga
Nu ngagelar, nu ngarumpay
Nu narangtung, nu ngagantung
Nu ngagulung, nu narangkub, nu ngarungkun
Nu nangkarak, ku ngarambat
Nu kadeuleu
Nu kaambeu
ngajadi pangeusi nyaksi lakon
nyaksenan silih asah asih asuh na saPasundan
Kakocapkeun alatan sumpah
sasakala kacapangannana baheula tea
Alam nu endah
Mata cai ngagenclang herang, Seah Angin Ngagupayan
Wening alam nyalse mepende lengkah nunyorang
alas impian lentur tunggul kahirupan
ngamparkeun impian, jalan hirup kabagjaan
ngababakan di lembur pamatuhan
namung Padjadjaran lemah cai kawas nu ilang taya laratan
Banyu asih langkah heman , asih nyanding di gapura harepan,
ngalangkang taya jirimman
waruga kawas teu mendakan Jiwa,
ngumpul ka Bumi sajati teu nincak sarakan mulangna wasilah
Sauyunan keur karahayuan taya gambaran
Paheutna kawening bihari teu ngawangi asah asih asuh kiwari
Papagan kasemaran, narima carita kahirupan nu karandapan
kawas nu teudek nyorang sarerea kabageaan
Nalika laju kidungna, nu nganteurkeun rasa kapinastian
Tanggelan jeung papakon naratasna tapak alas paluruhan
disarengan paneda ridho tinu Murbeng Alam
kawas saukur dimumunggang nengklang dina panyawangan
dangding peutingna panineungan geus teu neundeun katineung nu lawas, langit malikeun ka asih, lemah ngamparkeun saukur carita jeung sasakala
Duh sarengenge medal biheung enya bray ca'ang baranang
gunung ngajentul nungguan hibar kajayaan
pangimpian pangimplengan teu muka alam panglawungan
Kancana saukur jadi tatamanan
Leumpang Muru panglawungan geus taya pamatuhan
pangancikan kari di hyang na impleng rarasaan
Kiwari girimis mapaes kanyaah ngeumpleung pamikiran nu hoyong nyorang kawaluyaan
Muara nyawa ngabedal rasa, Asih kasungsisi karik dina wawa'as na dunya
Ibun neundeun rabunna bulan
halimun nyurup gelengna bentang
balebat nganteurkeun caang
Neang wanci pangharepan ngarampa molongpongna jalan
Lemah mapag rasa heman sagara manah kadongkang ku sumoreang
Sagara paheut ka lemah ngamparan sumujudna pangeusi diri,
di lawang beja, ditarima ku kembang kawangi
nu silih asih asah asuh ngadangding rasa, ligar weninggalih manah sarerea
eta panyumpon kajayaan Padjadjaran mangsa datang
teuing kadongkang
* tintrim panyawangan, kanyataan, Nunggalna kayakinan kawas nu endag ku kaayaan

draf


Selasa, 21 Januari 2014

NUNGGEULIS

Wetan ka saba,
Kaler ka tincak,
Kidul ka lampah,
Kulon ka sorang,
Mulang ka panca tengah taya gapura nu muka,
Galecokna manah nyauran rasa,
nu mangsa baheula biheung ayana,
saestuna diri teh nunggeulis
karunday dina tatapakan hirup lan kahuripan

sungkawa....sungkawa....!
nyandingna nyata sawawa,
beja ti hyang langkung hiyepna tibatan daluang jero halimun

Senin, 20 Januari 2014

KATEUTEU DEUI

Tungtung jaladri kateuteup deui
sesebitan kana ati rongkah deui
sumarambah kana bayah
karasa peuheur mun kaemutan
teudeuk badami
ngantep nu kokolesedan dina gerat lakuna

Ayeuna mangsa biwir wanci geus nitah ngampih
beungeut mangsa ririakan
simbut panglipur teu weleh nutupan
kana ati nu tunggara nalangsa kasongsoleya