Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Rabu, 10 Desember 2014

RINGKANG SILIWANGI

( ringkang Salancar )
Nanjerna hiji Bangsa 
Kunanjerna Budayana
Nu ilang kapungkur 
Mulang mangsa ayeuna
Musabab kami anger midang tandang makalang 

Seja ngabeukahkeun kembangna Padjadjaran.


Diri bihari nu ngancik kiwari
Kalarapkeun nyatana midang bingah di kalang kamulya
Bagea bagea bagea





Ligar kiwari
Seungit nyambuang sabuana
Kembang kawangi salancar tepakan
Di sampurnakeun geungna go'ong
Rampak ngarekes ka sang Prabu Siliwangi
Mundingkawangi keom mirigan ibing
Duh kembang ligar kawangi
Nuustari manjing kiwari.

Rahayu degung dangding kacapi
Lengking suing halimpu kawih
Kidung pangayun ngayun ambing
Wangsit Siliwangi noleat pantun
Haleuang di rancamaya

Kidung jadi panuntun
Tontonan jadi tuntunan
Gulung Maung ahung Karuhun
Ngabudi bakti ka sang Rumuhun

Nanjer Bangsa ku Puragabaya
Nalika papasten twu di samuni deui
Pinaati sayakti
Muhit mukti sewu siwi
Ngaharti Suliwangi.

Rahayu ahung sagung dumadi
Ahung tatiya ahung
Mi indung ka gunung mibapa ka sagara
Munjing ka indung muja ka bapa
Rahayu bagea mulya waluya saSunda.

Sunda jero dada
Padjadjaran kandagaNa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar