Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Rabu, 24 Desember 2014

KABALADAH PERMATA BEUREUM


Gusti Abdi

ieu diri disangkareupkeun kana hal anu dumasar kana sipat kamanusaan diri
asa mokaha titadina natapakan nu kiwari kajantenan
bumela kasasama sakapeung janten tanggelan papada
nu saenyana diri abdi masih can permana tingal sampurna
ja enya abdi manusa biasa ciptaan Salira
musabab jerona hate manusa anging Anjeun anu uninga

di lebah dieu
abdi pinanggih hal anu janten gundreng ngobrol sareng Anjeun di amparan sisi sagara manah
tumibana diri kana hal anu teu bisa dianggep enteng
nalika dumasar bumela ka papada anu ditindes
namung kiwari ieu nu karandapan kalakon nimbulkeun rasa salah anu mangmang
masih cangcaya kana kabenerrananna

Asih diri nu kacutat dina Carita Asmara, nyungkeban ngabeulit hal nu disanghareupan ayeuna
nyungkelit ngudag bagea rasa jeung bagea salaku abdi Gusti
ngabaladah ngudab bagea rasa jeung bagea permata beureum
nya Abdi tanggellanana
diri nu nyepeng pancen dina Ugana


Tentrem ayem nu di pirig hiliwirna angin nebihan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar