Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Kamis, 23 Januari 2014

PAKUAN BEUKAH KEMBANG

Sukma marakayangan
rasa nu kumacacang
ngalayang neang pangeunteupan pangreureuhan

Tapi teu kaur ngaringkang
rumengkog balas teu weleh rumanjug
ras inget paniatan nu geus gilig
kiwari ngan ukur silih jugjugan lelembutan

sapuk rek nyasaak kadjayaan
teu malar janglar silih tilar

Sukma nu marakayangan
rasa nu kumacacang
bari pada-pada ngantos waktos ku sumoreang
maluruh jalan nu aya dina pangimplengan
sanaos keur nyorangna dilingkung jeleger gelap dordar
kayakinan bakal tumiba di tatapakan
ka sadaya nu miheman
mihape rusiah hate
simpen masing paringpen
na lolongkrang rasa nu pangbunina
nu arang kasorang najan ku kalangkang urang
sina jadi prasasti nu ngancik na sanubari
ngadaun lontar nu mere iber
yen dina mangsa kiwari
nu kingkilaban tea
ngaburinyay sakedapan
na endahna salawasna ngembangna kawangi
nepungkeun nu bihari diancang-ancang

pancen nu mulas dasarna hate
ku pulas kayas nepi ka sukma katambias
di basisir astana pangreureuhan

nu awis katinggal
nu te gampil dipilari
arang langka kawenehan
dina sakali nembongan
beurat taya tandingan
gelikna sora suling pias ku gelikna awak laju kidung
wirahma angin pias ku wirahma rundayan pantun
genclangna ci ibun pias ku genclangna tatamanan
endahna sariak layung pias ku endahna pakuan
Raray, sararaga kasasaak kaendahan nu kasawang

Ngagalura rasa sono teu kebat kakedal di unggal wanci ka kajayaan nu kawas mangsana datang
 — di Padepokan Padjadjaran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar