Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Rabu, 31 Juli 2013

AMARAH JIWA NU MANUT


Dimana Sajeroning diri kakuatan anu ngagambarkeun rencana jeung sagala hal anu mangrupa ciptaan dina pamikiran, kakuatan rasa lelembutan anu ngalingkung ngahiji ngusikkeun sagala Cipta jeung rasa jadi kalaksana,
manunggal wanci di alam keluhuran. teudeuk anjog jadi TRIDAYA SANG MAHA AGUNG. cipta paburantak, Karsa rasa diri teu ngijabah,
pikiran kosong, suwung kawening manggih pepelik.

Pangabisa diri dina ngokolakeun cipta, Karsa, rasa, kapegat ku jalan nu manggih rokrak rongkah, dina ngabela kelumangsungan hirup kahuripan
pamustungan antukna teu nyaluyukeun 3 rundayan kecap
ngarasakeun nikmatna kahirupan saukur dina ati sanubari

Kasampak anu dipigawe ayeuna henteu saluyu jeung kahayang-kahayang anu diharepkeun, namung kahayang ngabiruyungan kahontal

geus mungkas ngalarapkeun kakuatan rarasaan batin jeung Amarah jiwa. Sanggeus diri ngagunakeun daya cipta ka kahayang,
satadina geus hadir, dirasakeun, dilakonan kalayan Saesto
Panyangka Kasaean ka Gusti
kiwari saukur tumarima dina pangobul nu ngajadi

balas kitu ngawitan deui estuning wakca balaka tumaprah diri sumerah Ka Gusti Nu murbeng Alam.