Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Senin, 13 Mei 2013

MENDAK SAGARA

Hate keubeuk kubangbaluh
hareupan ngiang ka jomantara
lalampahan pinuh ku dodoja
rusras teu mangih tungtung...

Kumalayang dialam dunya
langit kalimpudan ku mega hideung
angin ngahiliwir nyereset kana ati
matak ngageuingkeun lelembutan diri
emut ka Gusti Hyang Widi

Batara alam nu endah mukakeun gapura sagara hirup
nu jadi lalakon hirup kumalayang dialam dunya
Geter rasa numawa balaka
nganjang kana puserna kalbu
netep nanceb nurih kana sajeroning ati
amparan kahayang ngolebat

Nyipta manisna rasa bagja
sakapeung mindah jadi cimata nungumbara
ngalengkepan rasa kuciwa
ngalangkangan nu tumiba
rambisak jomantara lara

Mendak sagara jero talaga
pinanggih pamedar manah
muncar ngajagat mega
punclotna uwung-uwung
micahya sumebar ngabuana
saluyu jeung nu di teda

Seja ngabiru sagara sareng Salira

Tidak ada komentar:

Posting Komentar