Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Selasa, 16 April 2013

TIRANI ATI



Ligar kaendahan alam ngahudang rasa
neundeun asih ka salira teu petot ku mangsa
kapikat panah asmara mustika kembang katresna
di gulung kaheman urang tepung
Gandrung biung kapigandrung
hate ngaharewos mawa hariring
Ngagalindang nyanding
Geter asih minuhan rasa katineng,
ngarah kulan jadi sugema kaheman
di pasundan lemah hejo ngemplok panineungan
Dibeungkeut ku tali dalingding asih
di guratkeun dina rasa TIDITUNA
Di aping dijaring ku Urang Duaan
dipiguraan di simpen hade-hade
manteng na dina taman hate
teu asa-asa...., ngabralkeun nu aya jero hate urang duaan ..!!!
Kanyaah akang ka salira menit na mepende gintringna ati
Kaasih akang muka lawangna ati,
muka katingtriman diri
di satengahing weningna Tirani purbajati

Teuteup potret nu aya
antebkeun rasa ngawang-ngawang,
cangcang Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang

Riwayat urang tumiba
neteup kahareup yu urang sorang
ku pinuh kabungahan lan kabagjaan
di Pasundan 

~Salam santun junjunan



Tidak ada komentar:

Posting Komentar