Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Senin, 15 April 2013

NYUNGSANGNA KAYAS KADEUDEUH

Nonggerak rasa di bengkungna mumunggang
Pancering rasa di sineykeun wancisariyak layung
Teu sugema kana kaayaan kiwari
nalangsa diwadulan basa,
disaksrak ku kanyaah anggang
anjeuna tebih panglinggihan




Sarengkak lengkah perdaya
Marganing sukma ditarajang gendam,
awak hareudang nyawa kapidangdam,
meureumkeun soca ngawangun cipta,
nyungsang rasa.. Kasingkar ku walang paanggang
daya katembag perlaya,najan hate paanjang-anjang

Nyaluyukeun kahayang diri,
Anjeun teu kenging nalangsa
da Akang aya di sajeroning manah Salira
teuteup potret nu aya
antebkeun rasa ngawang-ngawang,
cangcang Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang

Riwayat urang tumiba
neteup kahareup yu urang sorang
ku pinuh kabungahan lan kabagjaan
Kayas Kadeudeuh nyungsang na manah urang duaan

Junjunan...
Nalangsa Salira sarasa nyanding ka rasa Akang
nu sami nganti mangsa patepang
waktos nu asa asa lila datang


Tidak ada komentar:

Posting Komentar