Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Senin, 22 April 2013

KAWIH TINGTRIM


Junjunan,
Kawih tingtrim kumelendang
sora suling jeung jentreng kacapi nyalincingan
haleuang ati di tanah pasundan
lembur urang panineungan
ngabelesat nyumpingan salira nu anggang
mungkas sajak rumpaka kaheman,
ngajajap gelikna ati
nganteur lengking kasono
nu nyanding dina manah urang nu can kaubaran

waktos mulang nu sakedap deui datang
naha anjeun ngan malah ngalangkangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar