Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Rabu, 17 April 2013

JAMPARING ASIH

Ngagedurna komara asih urang
Ngahudangkeun tandang harepan dina lahunan
Patepang dina dinten nu ngantosan
Ngaprak cinta mairan hiji jangji
Ngusap kaheman hate nu dipinilih
Sangkan ngajirim carita nu tarapti

Dina paroman hate nu silih asih
Pikeun ngabuktikeun saturuy rasa
Ngabancak kaheman nu ngagalura
Ngagelar tilam asih diburuan tresna
ngaligar ka tebak angin nu gumulung
Mawa tanggara pamanteng rasa

Dina sukma nu ngagalura
Meungkeut pageuh cangreud kadeudeuh
Naretes bagja cinta muru kawaluyaan
Nganti mangsa mapag sarenghap bagja
Dina harepan tineung nu cahayaan
Tandang makalangan asih nu dilakonan
Ngabageakeun anjeun ku sajeroning rasa
Mugia,,,,
Anjeun kersa nampi ku ka ikhlasan
Sangkan kaasih,,,,
Tumaninah ngempray caang ngahibaran
Hate urang
Cinta urang
Kadeudeuh urang
Jeung kabagja urang duaan
dina waktos urang patepang
nepika jaga layeut ku tali rimbitan


~tirani kahirupan urang pinuh kabagjaan lan karahayuan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar