Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Senin, 22 April 2013

ASIH SAJATI

Meunhmeuy kalimah nu nyampak sakuriling jagat
bibitna ti kahyangan
dipelak di alam dunya
Dipale jampe pamake 
di cahayaan ku cahya harti

Saranggeuy mawa geuhgeuy
sadahan muncar wibawa
Waruga muka lambar carita
Diraksukan nyari
Ditotopong mawa sono
Jajaka sidengdang jadi sawangan
Ngadampal amparan jagat
Sajagat kariksa rasa
rasa sajatina rasa

Ngudar raksukan Sang Dewata
medar beja ngajadi nyata ayana
mukakeun lalakon baheula
mulang kiwari mangsana
ngancik dina ati nu rumasa
nyanding dina wujud
tumiba kanu nalangsa tunggara dunya

Nyorang titis tulis
geuning enya kedah Karerab kahaseupan
Khatam dawam, enyaan tapa luhureun hawu
sangkan asak pangeusi awak
saur sepuh harewos hyang

Sari nyari jadi daging
asa ngaping tulang jeung sumsum
Asih ngajirim beubeureum getih
minangka wiwaha pulas kasuka
Komara rasa jadi cahya
Nyaangan lampah ku lengkah
Deukeut paneuteup jero panenjo
Geusan nanggeuy angkeuhan maneuh
Ngajati ngajadi dina diri

Panyaur asa ku luhung
najan enya laku can manggih tungtung
Mangsa wanci jadi ciri nyorang pipir takdir
ieu Abdi Gusti munajat ka Hyang Widi
Neda asih sakumahaning jangji
Asih sajati nu di anti
nu ngagalecok sajeroning ati sanubari.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar