Blogger templates

Kutemukan dirimu di ujung pencarianku, Geulis..., Taya niat akang salian seja Ngabagjakeun Salira, Akang nganti Salira di Tatar Pasundan. Pulanglah sayang...!!!. Teuteup potret nu aya, antebkeun rasa ngawang-ngawang, Galih kasono pangubar rasa nu kumacacang , Riwayat urang mangsana pinuh kabungahan lan kabagjaan . Junjunan...Urang Tumiba dina Bagja salawasna. _/\_

Kamis, 28 Maret 2019

Nalangsa NU teudeuk ilang

Kinanti ampih ampih ayun
ayuna ayun kusamping
Ngalagena diwanci jempling

Pupuhna Pupuh janari
Ci ibun mulai ngusapan damis
neuteup Kanu anggang
Nembus mega ngawag ngawang
Nu mulang Kanu murbeng alam
Nyingraykeun halimun di pucuk pucuk gunung
kalangkang basisir ngampar
Ngagaris ngawatesan
Gumulung lalaunan
Dijero kanalangsaan
Cimata mirigan Maseuhan dampal panangan

Nilik-nilik nu keur mamanis
Salendangna ka umpay cai
Nyorangan nganti nganti
Kasedih ati teudeuk indit
imutna ngagupayan
Kulan ceuk manah nyauran

Duh Gusti.....!!!

Jumat, 16 Maret 2018

DIA KAH?




Bersabarlah wahai hati... 
untuk bersabar dengan ujian dari Allah SWT... 
walaupun semakin lelah dan letih, 
bersabarlah...
ini adalah ujian 

Aku tak  mengerti apa rencana semesta…
Malam dari Sang Maha Cinta menjawab perasaanku dengan indahnya.
inikah cara nya?
dia kah?
ia kah?



"Teruntuk ia yang menemani hariku, moga 'ngkau tau isi hatiku"
aku jatuh hati padamu

Jumat, 26 Februari 2016

Asih Siliwangi

Salam Asih Siliwangi
Asih Budhi Bakti Sayakti

Lir marengan tali paranti nini aki
Rundayan kecap nya'ah teu weuleh kedal ka kum'na kulawargi
Kulawargi PADJADJARAN dimana wae ayana
dimana wae linggihna
di mana wae dumukna
dimana wae matuhna
Kadeudeuh maneuh teu weuleh sumanding ka Sadayana

" Silih Asah Silih Asih Silih Asuh "

Selasa, 14 April 2015

KAPENTANG ASIH ANGGANG

Dina rekana teu sagawayah
Nyerelek mungkas wates mupuh halimun
Midang tandang ngarah ca'ang
Ngalongkewang ngalampah sorangan
Paripolah nu merenah
Ngajemplangkeun pancen nu guligah

Nyangkrung ati sanubari
Nyidik-nyidik ngolebatna wanci
Nyungklang manah dina tali pasini
Kapentang ku rindatna wanci
bulan jeung bentang nu jadi saksi
Ngendatkeun ngalangkangna mega
Nutugan kotretna rasa
Rasa Cinta nu kapegat anggang waruga